Saha Anjeun...
Sora saha?
Imut saha?
Nu jadi impleungan jeung impenan hate kuring..
Soca saha?
Lameui saha?
Nu neleuman kana jero hate kuring..
08-01-03
Cipasung
Ngungngongna soara adzan jadi tembang
Kainget urang kanu kawasa
Asma-asma Alloh ngaredam amarah jeung lampah nu rek codeka
Cipasung anjeun jadi eunteung..
Cipasung anjeun jadi panutan..
Cipasung anjeun jadi pangaji..
Tapi...
Ayeuna anjeun geus kakotoran
geus kacepretan ku paripolah jalma luar nu asup..
Numatak nyilakakeun umat nu taat agama..
Roling stone,linpinpark jadi tembang kaheman
Cimeng,ngdrag,sabu-sabu nu jadi nyatu..
Anjeun cerik ngabangingik
Anjeun ngajerit maratan langit..
Ngungngongna azdan jadi tembang kawaas,Rolingstone jadi tembang kaheman
06-01-03










Tidak ada komentar:
Posting Komentar